SEJARAH DESA WANASIGRA

SEJARAH WANASIGRA

Dina Alam baheula, Jaman Sultan Agung Mataram kira-kira taun 1677 Syech Aki Padamatang anu mimpin Desa Wanasigra dina widang pangwangunan kayaning ngabedah leuweung-leuweung dijieun pasawahan, nyieun susukan, balong-balong, Jalan  jeng Palemburan oge nyiarken ajaran Islam dibantu ku Embah Wanasigra. Wanasigra teh gaduh hartos WANA =Leuweung SIGRA = Cepet (Sigrong) hal ieu dibuktoskeun ku ayana paninggalan barang barang paninggalan anu ngandung sejarah (karamat) anu aya di Aki Kuncen nu ngarumat paesan Syech Aki Padamatang nu di makamkeun di Karamat Gandoang diantawisna :

1. Buku Paririmbon anu diserat dina daun lontar nganggo bahasa jawa  kawi.

2. Kuningan sari seratanana aksara sunda kuno minangka diploma Syech Aki   

    Padamatang ( Disimpan Di Balai Pengelolaan museum Negeri Sri Baduga

    Provinsi Bandung)

3. Keris wangkid kagungan Syech Aki Padamatang

4. 2 ( Dua) Tombak gagaman Syech Aki Padamatang

Numutkeun Aki Kuncen eta Paririmbon oge Kuningan Sari sok sanaos paratos gentos tujuh Kuwu tacan aya anu tiasa ngahartoskeun kana eusina, nya dina taun 1948 waktos Bandung janten “Lautan Seuneu” Pamarentah Republik Indonesia anu aya di Bandung dihijrahkeun ka daerah-daerah diantawisna Gubernur Jawa Barat dipernahkeun di Desa Margaluyu, kaleresan di kampung Gunung Asih aya ahli sejarah anu jenengan Rd. Akip Prawira Suganda medar sejarah Jaya Baya sareng sejarah Indonesia, dina taun 1993 ku A. Sastramidjaja sareng Ida Farida ti Yayasan Dayanata Antarnusa Bandung dibaca tur dialihtuliskeun kana aksara latin :

1. Buku Paririmbon

Judulna Luluhur Nabi Agung, ditulis dina poe Kemis bulan syawal taun Jim Ahir, eusina eta naskah dibagi tilu bagian nu kahiji eusina amanat atawa mandat pangbagian kakawasaan ka ngabehi Wiranangga jeung Wirabaya ti Mas Dipati Imbanagara, Bagian kadua Carita ngenaan Nabi Agung Muhammad timimiti Nabi Adam, bagian katilu eusina Paririmbon ngenaan jampe-jampe keur kasehatan atawa nyageurken.

2. Kuningan Sari

Judulna mangrupa piagam,  ditulis poe Senen bulan Rajab tanggal 12 taun Jim Ahir, aksarana Sunda kuno ditulis bolak-balik, kaca 1 : 4 baris kaca II : 3 baris, dicoba dihartikeun dimimitian tina tangal :

‘’wulan rejeb tangal relas taun jim rahi’

= bulan Rajab tangal 12 taun Jim ahir.

Dibaca dina buku Kalangider, ninggang dina taun 1762 Jawa jadi tanggal ieu lengkepna : Kemis Kaliwon 12 Rajab tahun Jim Ahir 1762 Jawa ( kala masehina tangal 13 Nopember 1834)

Tulisan ieu teh nerangkeun aya dua nagara nyaeta nagara Imbanagara jeng nagara Wanasigra. Diantara dua nagara ieu aya Resi nyaeta Puhun Karaso nyaeta anu nulis surat tembaga ieu ka masing-masing nagara. Jadi suratna teh nyieun dua lembar. Lembaran ieu salah sahiji nu aya tur nepi ka bisa dibaca. ( 1993 - 1834 = 153 taun )

Surat nu hiji dialamatkeun ka : Sembah Dalem Adipati Kusumadinata, Nuhiji deui dialamatkeun ka Raden Rangga Bigpisa Adipati Dukuh Wanasigra.

Eusi surat (tulisan dina tambaga ieu) nyaeta :

1. Nganasehatan supaya ulah nepi ka ngajadikeun perang antara dua saderek.

2. Sabab geus kanyahoan ku anjeuna, yen Sembah Dalem Adipati Kusumadinata teh awon manah. Hayang puas, hayang ngajatohkeun Wanasigra.

3. Puun Karaso salaku kolot, nitipkeun ka Adipati Kusumadinata, supaya ulah nyieun lampah anu matak nimbulkeun pipaseaeun.

4. Nitipkeun ka Adipati Dukuh Wanasigra, supaya ngelehan ulah saruana ngarah aman ulah aya pacengkadan sareng dulur.

5. Sembah Dalem Adipati Kusumadinata supaya ngahampura kana kalancangan Ki Puun anu geus wani ngelingan kana nyegah pibahayaeun.

Masalahna :

Ari anu jadi masalahna pokona teu jelas, tapi Adipati Kusumadinata teh niat ngalakukeun tindakan ka Wanasigra ku ngaruksak jalana cai ka sawah di Wanasigra, supaya kagaringan.

Syech Aki Padamatang dimakamkeun di sisi Walungan Citanduy di daerah Kampung Wanasigra/Desa Wanasigra. Anjeuna katurunan Bupati Imbanagara, waktos jaman Sultan Agung Mataram taun 1677.

Embah Wanasigra dimakamkeun di sisi Walungan Cigayam Kampung Wanasigra/Desa Wanasigra.

Perjuangan aranjeuna (Kuwu) diteraskeun ku :

- Sutraprawira

- Suradidjaja

- Raksadidjaja

- Surajuda

- Surawinata

Dina tahun 1918 Desa Wanasigra dihijikeun (Rendon) jeng Desa Cikedengan nu jadi Kuwuna nyaeta M. Tirtadihardja, tangal 1 Januari 1946 Desa Cikedengan digentos namina janten Desa Margaluyu, diistrenan ku ku Kanjeng Bupati Peter Dendakusumah, kugagasanana Kepala Desa M.Gandasasmedi sareng disatujuan ku masyarakatna.

Nu Janten Kuwu di Desa Cikedengan/Margaluyu

1. M. Tirtadihardja              taun 1918 - 1930

2. M. Natadipura                 taun 1930 - 1945

3. M. Gandasasmedi           taun 1945 - 1966

4. M. Marjuk                       taun 1966 - 1967  [Kartiker]

5. R. Subanaatmadja           taun 1967 - 1972

6. M. Hudafar                      taun 1972 - 1973  [Kartiker]

7. M. Tolhah Effendi            taun 1973 - 1982

Dina taun 1971 Wanasigra beki sigrong caang dimana-mana kuayana pamasangan listrik jeng pangwangunan sajabana anu dipupuhuan ku Bapa M. Gandasasmedi, Bapa Rd. Wargadjayadisastra, oge Bapa D. Sugandi sareng masyarakat anu sanesna.

Taun 1982 Desa Margaluyu dimekarkeun jadi dua Desa nyaeta Desa Margaluyu jeung Desa Wanasigra, Desa Margaluyu Kuwuna M. Tolhah Effendi, Desa Wanasigra Dikartikeran ku E. Suryana menang dua taun, anu batas-batasna

1. belah kaler Susukan Cigayam Desa Margaluyu

2. belah Wetan Susukan Cigayam Desa Cikoneng

3. belah Kidul Susukan Citanduy Kabupaten Tasikmalaya

4. belah Kulon Desa Sindangkasih

jumlah Dusun aya opat nyaeta Dusun Cimamut, Wanasigra, Cipeucang jeung Sukerna, di taun 1984 Kakara boga Kuwu hasil pilihan masyarakat nyaeta OW. Gandasaputra putra M.Gandasasmedi dugi ka taun 1992, ti taun 1992 dugi ka taun 1993 dikartikeran ku Rukman setap Kacamatan Cikoneng, sanggeus dilaksanakeun Pemilihan nya U.Supriatna kapilih Jadi Kepala Desa nepi ka taun 2001, tiharita Kepala Desa dijabat sementara nepi ka taun 2005, ( taun 2001 - 2002 dijabat ku Koswara Arapat, 2002 - 2003 dijabat ku Kuswaya 2003 - 2005 dijabat ku Maman Suherman ) dina taun 2003 Dusun nu aya di Desa Wanasigra anu tadina 4 (opat) dimekarkeun jadi 5 (lima) anu ditetepkeun ku Bupati Ciamis H. Oma Sasmita S.  tanggal 29 Juli 2003 yaeta jadi :

1. Dusun Cimamut

2. Dusun Wanasigra

3. Dusun Cipeucang

4. Dusun Margasari

5. Dusun Sukasari

Taun 2005 Maman Suherman kapilih ku masyarakat jadi Kepala Desa nu di angkat berdasarkan  Keputusan  Bupati Ciamis no. 141.1/Kpts.84-Huk/2005,

Dugi ka taun 2011, nya dina tanggal 27 Mart 2011 Panitia Pilkades nyelenggarakeun Pemilihan Kepala Desa nu kapilih nyaeta Pupung Kuntoro anu di sahken Ku Bupati Ciamis Engkon Komara no 141.1/Kpts.238-Huk/2011 tanggal 11 April 2011.

 

SUSUNAN KEPALA DESA

CIKEDENGAN/MARGALUYU SARENG WANASIGRA

KEPALA DESA / KUWU

DESA WANASIGRA

  1. Syech Aki Padamatan
  2. Sutraprawira
  3. Suradijaja
  4. Raksadidjaja
  5. Surajuda
  6. Surawinata

 

KEPALA DESA / KUWU

DESA CIKEDENGAN

  1. Syech Embah Azibun
  2. Wirajuda
  3. Surapradja
  4. Anggawidjaja
  5. Tirtadihardja

 

 

DIHIJIKEUN JANTEN DS. CIKEDENGAN TAUN 1918

1 JANUARI 1946 DIGENTOS NAMI JANTEN DS.MARGALUYU

 

    1.        M. Tirtahardja          Taun 1918 - 1930

    2.        M. Natadipura          Taun 1930 - 1945

       3.        M. Gandasasmedi     Taun 1945 - 1966  

   4.        M. Mardjuk              Taun 1966 - 1967

    5.        R. Subanaatmaja      Taun 1967 - 1972

    6.        M. Hudafar              Taun 1972 - 1973

    7.        M. Toha Effendi        Taun 1973 - 1982

 

 

 

DESA WANASIGRA

  1. E. Suryana, Taun 1982 - April 1984 (Kartiker)
  2. O.W. Gandasaputra, Mei 1984-1992
  3. Rukman Taun 1992 - 1993 (Kartiker)
  4. Usup Supriatna, Taun 1993-2001
  5. Koswara Arapat Taun 2001 -2002
  6. (PJS)
  7. Kuswaya Taun 2002 - 2003 (PJS)
  8. Maman Suherman 2003 - 2011
  9. Pupung Kuntoro 2011 – 2017
  10. A. Sudrajat, SE 2017 – 2018 (PJS)
  11. YUDI YAHYUDI 2018 – SEKARANG

 

DESA MARGALUYU

  1. Tolhah Effendi, Taun 1982 - 1990

 

                               ASAL USUL AYA BUYUT /PANTRANGAN (CEGAHAN-CEGAHAN)

Nurutkeun carita Aki Kuncen, asal usulna di Desa Wanasigra aya Buyut/Pantrangan kieu caritana :

Dina alam baheula jaman Sultan Agung Mataram kira-kira taun 1677 SYEH AKI PADAMATANG anu mimpin Desa Wanasigra diwidang pangwangunan kayaning ngabedah leuweung dijieun pasawahan, solokan, balong jeng lembur, ogenyiarkeun Agama Islam.

Sabadana mimpin masyarakat Desa Wanasigra, satuntasna ngawangun boga kaul rek pesta sakantenan nyepitan putrana anu nami YUDA PRAWIRA kalayan nanggap seni-seni anu aya di daerah kayaning , nayuban, Rudat, Kendang Penca, Lais, Debus, Kongkur Beluk Pangkur, sareng Ketuk Manis oge Nyolendra, hajatna kenging tilu dinten tilu wengi.

Murangkalih anu seja disepitan dianggoan sing sarua Hideung margi alam haritamah teu aya anggoan sapertos ayeuna, anggoan eta kenging ninun teras dicelep ku nila.

Nuju rame-rame tatabeuhan goong ting jeuleugung, bangsa nayub sareng nusanesna kinten-kinten   waktos janari leutik nya kana jam duaan ngadak-ngadak ribut pabuis milari murangkalih anu bade disepitan teu aya, tatabeuhan anu sakitu ramena ngadadak jempling riweuh milari murangkalih anu bade disunat, na ari kapendak ti sumur parantos janten mayit  , munding penciteun enjing, kumargi teu dicangcang ngadadak ngamuk nyogot ka 2,3 jalmi, teu heuleut saminggu jalmi nu disogot teras edan ngamuk anulami-lami maot.

Tisaba’da harita   SYEH AKI PADAMATANG ngumumkeun ka masyarakat Desa Wanasigra saolah-olah ngalarang/supata anu basana kieu :

1. Upami bade nyepitan murangkalih teu kenging nanggap  tatabeuhan anu nganggo

    goong gede

2. Teu kenging meuncit munding dina hajatan sepitan (sapi atawa dombamah kenging)

3. Budak nurek disunatan tekenging diangoan sarwa hideung

4. Teu kenging ngadamel sumur anu dikerembeng ku awi

5. Teu kenging nuar kakaian di karamat Gandoang

Upami aya anu ngalanggar tangtu aya mamalana,

Kitu nyaring cariosan Aki Kuncen anu didugikeun ka M. Gandasasmedi salami janten Kuwu Margaluyu ti kawit 1945 dugi ka 1966 anu kaleresan anjeuna linggih di Dusun Wanasigra.

  UPACARA RITUAL MERLAWU

Nyukcruk galur ti karuhun mapag lacak nu nyarita ti sepuh kapungkur anu nyuswana tos 85 taun utamina Bapak Kartawinata sareng ti Aki Kuncen Bapak H. Muhamad anu ayena parantos teu aya dikieuna, parantos mulih kajati mulang ka Rahmatulloh.

 

Nalika M.Gandasasmedi dikersakeun ku Gusti Nu Maha Suci mimpin Desa Margaluyu ti kawit taun 1945 dugi ka taun 1966 sok rajeun turas-taros ka Aki Kuncen H. Muhamad anu nyepeng buku sejarah [Paririmbon] sejarah paesan anu katelah GANDOANG anu kakasihna SYEH. AKI PADAMATAN anu dina taun 1982 janten Desa Wanasigra anu opat Kampung nyaeta :

1. Kampung Cimamut

2. Kampung Wanasigra

3. Kampung Cipeucang

4. Kampung Sukerna

Anu sadaya Jiwana aya kirang langkung 2500 [dua rebu limaratus] jiwa, tiap saih Mulud dina dinten Juma’ah kaopat aya tradisi urang Desa Wanasigra sok ngayakeun upacara adat anu disebut “MERLAWU”

Dupi Upacarana kieu

Dina dinten Juma’ah ka opat sasih Mulud, masyarakat Desa Wanasigra Istri -pameget pada tungkeb kumpul ngariung di paesan SYEH. AKI PADAMATAN anu pernahna di sisi Walungan Citanduy anu disebat Gandoang, anu jarakna ti ti Jalan Desa Wanasigra kirang langkung 1 [hiji] Kilometer

Para istri ngabarantun cai atah anu bersih dina argalek /keler anu saterasna diriungkeun kana paesan SYEH. AKI PADAMATAN, nanging kanggo masarakatmah teu kenging langsung lebet kana paesanana eta cai anu dina argalek/keler teh dipernahkeun ku Aki Kuncen.

Para pameget sibuk sibuk giat kalawan tartib ngalaanan Pger Paesan, anu saterasna digentos kunu anyar anu atos disoyogikeun tisamemehna.

Saparantosna rengse ngagentos pager, diayakeun tahlilan anu dipimpin ku salah saurang Kiai anu pang sepuhna, rengse tahlil eta cai anu dina argalek/keler ku Aki Kuncen dipasihkeun deui ka masing-masing anu gaduhna.

Sarengsena eta, masyarakat ngalih  deui ka kana payuneun Saung Sapu diluar paesan, dupi acara di Saung Sapu :

1. Maca sejarah [Paririmbon] ku salah saurang terkemuka, biasa salami M. GANDASASMEDI janten Kepala Desa ti taun 1945 dugi ka 1966 anu sasauran teh sok Bapa Rd. WARGADJAJADISASTRA , Bapa E. SUKANDA, Bapa M. ACHMAD DIMYATI oge sambutan ti Kepala Desa [Kuwu]

Saterasna diayakeun salametan HAJAT TUMPENG sederhana malah anu ngaradon tuang mekel sagaduhna saputra garwa.

 Turun Temurun Kuncen Gandoang

1.    H..mahmud

2.    Singanata

3.    Sanhari

4.    Ayah nata

5.    Aki sanhawi

6.    Aki sahori

7.    Sarwapi

8.    Suhroji

9.    Harja

10. Lili suherli